Garut (BR.NET).– Dina raraga mapag Hari Jadi Kota Garut ka-213 nu badé dipiara dina 16 Pébruari 2026, salah saurang Pangurus Dewan Adat Kabupaten Garut (DAKG), Kang Oos Supyadin, ngangkat deui sajarah asal-usul ngaran Garut. Ieu upaya dilakukeun sangkan masarakat Garut langkung wanoh jeung ngartos kana sajarah jati diri wewengkonna.
Ngagunakeun basa Sunda kalayan aksen khas Garut Kidul, Kang Oos Supyadin nerangkeun yén rujukan sajarah ngeunaan ngaran Garut kapanggih dina Sumber Pustaka Sajarah Bandung karya Rd. Rangga Sastranagara, nu disimpen di Perpustakaan Nasional, Naskah Plt. 22 kaca 21 taun 1906. Hal ieu ditepikeun dina kateranganana, Saptu (24/01/2026).

Dina naskah éta ditegaskan:
“Djenenganana Dalem Toemenggoeng Adiwidjaja, doemoegi djeneng Adipati masih djenengan Dalem Dipati Adiwidjaja, Regent di Nagri Garoet. Anoe matak dingaranan Garoet, waktu mabakan, njieun nagri dina tegal éta taya deui kakaian kadjaba ti kajoe garoet.”
Catetan ieu ogé nguatkeun eusi buku karya Dewan Adat Kabupaten Garut (DAKG) nu judulna “GARUT LAIN KAKARUT”, anu dimaksudkeun minangka koreksi kana sajarah Garut sakumaha nu ditulis dina salah sahiji halaman wéb resmi Pamaréntah Daérah Garut, nu nyebut yén ngaran Garut asalna tina kajadian “kakarut”.
Numutkeun Kang Oos, kajian ieu jadi leuwih kuat sabab dina naskah Rd. Rangga Sastranagara geus écés disebutkeun yén ngaran Garut asalna tina ngaran hiji tatangkalan, nyaéta Kai Garut, lain tina kajadian sosial sakumaha nu salila ieu dipikawanoh ku masarakat.
Ku kituna, salaku warga Garut, anjeunna ngaharepkeun sangkan Bupati Garut jeung sakumna pamangku kabijakan tiasa saenggalna ngalakukeun koreksi jeung pelurusan sajarah Garut, dumasar kana tatapak sajarah nu saéstuna. Hal ieu dipiharep tiasa jadi spirit pikeun ngawangun Garut nu leuwih HEBAT, sarta sanggup mapag barokah dina kamakmuran rahayatna. ***



